Jumat, 14 Juni 2013

poekna peuting nyaksian
Ngabangingikna diri
Rumasa ras kana lampah
Nu teu weleh ngalengkah na jalan salah
Poek mongklengna peuting
Gambaran renghap eungapna rasa
Rumasa kasasar lampah
Ngaberung nafsu ngumbar amarah

Duh Gusti...
Neda pitulung ngan ka Anjeun
Bukakeun lawang hate
Caangkeun pikir
jembarkeun rasa
Singlar karuwet
jauhkeun tugenah

Duh Gusti.....
Rumasa diri teu walakaya
Anging pitulung Anjeun
Ngan ka Anjeun menta
ngan Anjeun anu bisa
Ngaping jeung ngajaring diri
Tina lampah nu teu uni
Gusti neda pangampura ieu diri
Tembongkeun jalan anu lempeng
Gesan nyukcruk galur nu di piridho ku Anjeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar